• Susan Susanti, S.Pd.
  • Bahasa
  • 2019-12-17 10:24:16

Kecap kawih asalna tina kecapkavy anu hartina sa’ir (bujangga). Kawih nyaeta akitan basa anu ditulis ku para bujangga atawa seniman serta miboga biarama anu ajeg (angger). Sakumaha ilaharna lagu, kawih kabeungkeut ku wiletan jeung tempo atawa ketukan. Nu matak kawih sok disebut oge lagu-lagu nu kaasup sekar tandak, boh kawih tradisional boh wanda anyar. Kawih mah beda jeung pupuh, kawih teu kauger ku rupa-rupa aturan atawa patokan kawas nu aya dina pupuh. Rumpaka kawih teh eusina pinuh ku ajen atikan. Ari rumpakan kawih teu beda jauh jeung rumpaka wangun puisi sajenna, ngan kawih mah geus dileungkepan ku aturan titilaras. Kawih salah sahiji kasenian (seni sora) titinggal karuhun nu diwariskeun secara turun-temurun. Kawih kaasup kasenian anu kahot sarta dikategorikeun minangka cikal bakal seni sora nu aya di masyarakat Sunda. Rumpaka teh nyaeta puisis anu sok dilagukeun, boh dikawihkeun boh ditembangkeun. Rumpaka kawih Sunda mah tangtu bae dikawihkeun. Upami nilik kadinya, rumpaka kawih tehdiwangun ku dua unsure, nyaeta rumpaka jeung kawih. Rumpaka raket patalina jeung sastra (sajak), ari kawih raket patalina jeung karawitan (seni musik). Umpama nilik kana rumpaka lagu Sunda Buhun, umumna mangrupa sisindiran, nyaeta puisis anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Wangun sisindiran oge kapanggih dina rumpaka kawih Sunda kiwari, saperti anu aya dina “Bubuy Bulan”, “Sorban Palid”, jeung “Es Lilin”. Unsure-unsur nu aya dina kawih teu beda jeung unsure-unsur nu aya dina puisi atawa sajak, nyaeta : 1. Tema : ide pokok 2. Nada : sikap anu nulis (sedih, nalangsa, jsb) 3. Rasa : ngagambarkeun sikap 4. Amanat : pasualan anu haying diteupikeun Nilik kana sajarahna, kawih dibagi jadi tilu kurun waktu, nyaeta : 1. Kawih buhun atawa tradisional. Buhun artina kuno, jaman baheula Conto kawihna “Banjar Sinom” 2. Kawih jaman Jepang , dimimitian kira-kira Jepang dating ka Indonesia dina taun 50-an. Conto kawihna “Es lilin”, “Balon Ngapung” 3. Kawih wanda anyar atawa kawih alam kiwari nyaeta kawih jaman ayeuna. Conto kawihna “anggrek japati”, “Cinta Nusa”, “baju hejo”.

Jenis jenis kawih nu aya nyaeta :

  1. Kawih tangtung
  2. Kawih panjang
  3. Kawih lalangunan
  4. Kawih bongbongkaso
  5. Kawih parerane
  6. Kawih sisindiran
  7. Kawih bwatuha
  8. Kawih babatranan
  9. Kawih porod eurih
  10. Kawih sasambatan
  11. Kawih igel-igelan

Gunana kawih nyaeta, kusabab kawih miboga dua unsur nyaeta unsur seni musik jeung seni sastra, gunana kawih nyaeta pikeun hiburan jeung sarana pikeun ngebrehkeun jiwa atawa perasaan anu ngarang eta kawih.

Bedana kawih jeung tembang :

Aya sawatara rupa lalaguan Sunda, nyaeta kawih, kakawihan jeung tembang. Ditilik tin rumpakana kawih, kakawihan jeung tembang teh manngrupa karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Kawih jeung kakawihan nyaeta wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang nyaeta wangun puisi anu kaiket ku aturan nyaeta aturan pupuh. Aturan nu aya dina pupuh nyaeta guru wilangan, guru lagu jeung watek.

Add comment

Jl.Lingkar Utara Bekasi Kel. Perwira Kec. Bekasi Utara (sebelah BSI Kaliabang) Raya Bekasi KM.27 Pondok Ungu

Email : admin@smktarunabangsa.sch.id

Pengumuman

© 2024 SMK Taruna Bangsa Kota Bekasi. All Rights Reserved.