- Wangenan Sajak
Sajak nyaéta salah sahiji karya sastra nu mangrupa ébréhan tina sikap, jiwa jeung ékspresi pangarang. Wangun sajak kaasup kana wangun ugeran, tapi disusun sakarep pengarang. Sajak mangrupa ébréhan pikiran jeung rarasaan tina hasil ngimpleng (répleksi) pangarang anu ngagunakeun basa anu munel tur pepel. Sajak salah sahiji wanda puisi atawa wangun ugeran anu teu pasti kauger ku patokan wangunna. Kulantaran kitu, dina mangsa gelarna sok disebut sajak bébas. Gelarna sajak mimiti awal 50-an.
- Dumasar kama eusi sajak, dibagi jadi dua:
- Sajak épik : Sajak anu ngeusina ngadadarkeun atawa ngalalakonkeun.
Conto : Janté Arkidam kénging Ajip Rodisi.
- Sajak lirik : Sajak anu eusina ngébréhkeun rasa panyajakna.
Conto : Lalaki ditegal pati kénging Sayudi.
- Unsur-unsur jero sajak
- Téma : Pikiran poko pangarang dina éta sajak.
- Nada : Sikep pangarang kana éta karyana.
- Rasa : Sikep urang nu maca karya.
- Amanat : maksud anu rék ditepikeun ku pangarang
Makna konotasi jeung dénotasi, harti sebenarna jeung teu sabenerna.
- Hal anu kudu diperhatikeun dina maca sajak.
- Lenyepan : Sacan maca sajak teuleuman heula eusi sajak, nadan, rasa, jeung sajabana.
- Wirahma : Anca-gancangna dina maca sajak.
- Vocal : Patalina jeung sora, lafal, béntés henteuna dina ngucapkeun kecap.
- Nada jeung rasa : Patalina jeung sikep urang kana karyana dina maca sajak.
- Parafrase nyaéta ngarobah wangun ugeran (sajak) kana wangun lancaran (prosa).